Gara-Gara Si Korona歌詞

添加日期:2023-09-04 時長:02分02秒 歌手:David Khanz

作詞 : David Khanz
作曲 : David Khanz
Ieu gara-garana si Corona
Loba jalma anu leungit usaha
Ulaheun pada incah ka mamana
Lamun nekat muka
Tur sieun kacida
Bakal aya anu ngadenda
Pernah kuring nguping hiji béwara
Aya jalma anu muka usaha
Ngala bati ogé henteu sapira
Tapina nalangsa
Manéhna didoja
Didenda lima juta
Meuni kacida
Susah ieu zaman susah
Keur mah susah loba anu ngaranyah
Ooohh … susah ieu zaman susah
Ngantos bantosan pamaréntah
Ceuk itu kami kudu cicing di imah
Ceuk ieu kami kudu nyiar rupiah
Itu ieu sarua pada maréntah
Asa bejad sirah
Geus teu boga uyah
Hirup asa amarayah
Kadang mah kuring ngarasa sok héran
Masrahkeun ieu nya hiji papastén
Pasrah diri iwal ka nu mangéranan
Tong oyag iman
Komo kamalinan
Akhirna rugi sorangan
Ulah wanian
更多>

喜歡【David Khanz】您也可能喜歡TA們的歌詞…

更多>

最新歌詞